Rabu, 24 Januari 2024. Minangka lajuning laku tina salasahiji Program Atikan Pamarentah Daerah Kab.Purwakarta, SMP Negeri 2 Purwakarta rutin ngalaksanakeun kagiatan ka-Sundaan anu dilaksanakeun unggal dinten Rebo. Siswa lain saukur diwanohkeun kana tradisi kabudayaan Sunda wungkul, tapi dipiharep bisa terus ngamumulé, ngariksa ngaraksa budaya Sunda anu kiwari ampir ditinggalkeun ku urang Sundana sorangan. Minangka salasahiji tarékah pikeun ngungkulan éta pasualan, siswa diperedih sangkan bisa ngabiasakeun nyarita ku basa Sunda tur ngabudayakeun kabiasaan urg Sunda, hal éta ogé minangka léngkah ngadumaniskeun kabinangkitan "Kearifan Lokal" di jaman modérnisasi. Dina kagiatan Rebo maneuh di Sunda, siswa ngayakeun kagiatan mumuluk isuk-isuk, balakécrakan jeung babaturan muka timbel babarengan, kalayan diaping ku Walikelasna séwang-séwangan. Walas teu saukur ngaping, tpi ogé ngatik kumaha cara dahar anu hadé, anu ilahar diterapkeun ku urang Sunda dina kahirupan sapopoéna.
Salasahiji anu bisa dijadikeun pangajaran dina éta kagiatan nya éta, Siswa diwajibkeun mungkus sangu ku daun cau (ditimbel). Daun cau anu dipaké mangpaatna loba pisan, lain baé ekonomis sarta ramah lingkungan, tpi daun cau anu dipaké pikeun nimbel miboga kandungan antioksidan utamana polifenol anu bakal diserep ku dahareun anu dibungkus ku éta daun. Hal éta bisa ngungkulan asupna sagalarupa panyakit kana awak urang.
Dahar balakécrakan, ogé mangpaatna pikeun ngaraketkeun tatali silaturahmi papada jalma. Dimimitian ku ngadunga bari dilakonan ku polah nu hadé, ditutup ku pangaweruh nu diala mngpaatna ku Siswa. Mangrupa jadi salasahiji udagan anu utama dina éta kagiatan.